B. Daerah

Pertanyaan

Jieun sisindiran wawangsalan nu wangsalna a. Katel, b. Sakola

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagean cangkang jeung aya bagean eusi.

    Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Di handap ieu nyaeta conto wawangsalan anu wangsalna katel jeung sakola :

    Kawali pikeun ngagoreng
    Tipi teu bisa disetel (wangsalna katel)

    Tempatna urang diajar
    Ka kolot teh kudu bela (wangsalna sakola)

Pertanyaan Lainnya