tangtukeun eusi sisindiran di handap! Mihape sisir jeung minyak Kade kaancloan leungeun ___________________ ___________________
B. Daerah
Fafa739107
Pertanyaan
tangtukeun eusi sisindiran di handap!
Mihape sisir jeung minyak
Kade kaancloan leungeun
___________________
___________________
Mihape sisir jeung minyak
Kade kaancloan leungeun
___________________
___________________
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Sisindiran nyaeta salahsahiji rupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina wangun eusina aya dua rupa wangun puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mengrupa carita. Conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, sajak, guguritan, mantra jeung pupujian.
Umpama ditilik tina wangun kekecapannana, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Di handap ieu nyaeta sisindiran salengkepna anu ditanya di luhur :
Mihapé sisir jeung minyak
Kadé kaancloman leungeun
Mihapé pikir jeung niat
Kadé kaangsonan deungeun
Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan ngan aya dua padalisan. Dina sapadalisan sisindiran aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagean cangkang jeung bagean eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.
Sisindiran di luhur teh nyaeta sisindiran rarakitan. Ciri-ciri rarakitan nyaeta aya kecap dina padalisan kahiji anu dibalkan deui dina padalisan katilu (umpama dina conto diluhur nyaeta kecap mihape), jeunag aya kecap dina padlisan kadua anu dibalikan deui dina padalisan kaopat (umpama dina conto di luhur nyaeta kecap kade).