tangtukeun eusi sisindiran di handap! Baju kutud heureut pola Dikelin teu dijalujur ___________ ___________
Pertanyaan
Baju kutud heureut pola
Dikelin teu dijalujur
___________
___________
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina sisindiran paparikan jeung rarakitan, bagean eusi sisindiran nyaeta ayana dina padalisan katilu jeung padalisan kaopat. Sisindiran nyaeta salah sahiji rupa puisi Sunda. Dina sastra Indonesia mah sisidiran teh sarua jeung pantun. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan.
Pembahasan
Ditilik tina eusi atawa maksud sisindiran, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, silih asih jeung sesebred. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang.
Dina sisindiran aya bagean cangkang atawa sampiran jeung aya bagean eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, bagean cangkang nyaeta padalisan kahij jeung kadua, bagean eusi nyaeta padalisan katilu jeung kaopat. Sedengkeun dina wawangsalan, bagean cangkang nyaeta padalisan kahiji, bagean eusi nyaeta padalisan kadua.
Di handap ieu nyaeta jawaban pikeun pananya di atas. Eta sisindiran teh nyaeta sisindiran paparikan anu eusina mangrupa piwuruk:
Baju kutud heureut pola,
Dikelin teu dijalujur.
Lamun teu cucud sakola,
Arisin balik ka lembur.
Pelajari lebih lanjut
- Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
- Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
- Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran
Bab : 4
Kode : 8.13.4
Kata Kunci : Eusi sisindiran