1.aya cukang komo mentas hartina... 2.kaciwit kulit katawa daging hartina. ...? 3.kalapa bijri ti cungap hatina....? 4.lodong kosong sok ngalent
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Hartina aya cukang komo meuntas nyaeta kabeneran aya alesan atawa pijalaneun pikeun gancang ngalaksanakeun pamaksudan. Kalimah atawa kekecapan di luhur teh mangrupa paribasa. Dina basa Sunda, paribasa nyaeta salah sahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan jeung hartinu geus maneuh. Nu kaasup kana pakeman basa nyaeta paribasa, babasan, cacandran, kila kila jeung pamali.
Pembahasan
Saperti disebutkeun di luhur yen pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan jeung harti nu geus maneuh, kusabab kitu kecap atawa kekecapan nu aya dina pakeman basa, saperti paribasa, teu meunang dirobah atawa diganti. Contona saperti dina paribasa nu disebutkeun di luhur aya kecap anu dirobah, sanajan saeutik. Di handap nyaeta jawaban salengkepna:
- Aya cukang komo mentas hartina nyaeta kabeneran aya alesan atawa pijalaneun pikeun gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
- Kaciwit kulit katawa daging hartina nyaeta katarik kana hiji perkara anu akibatna kababawa milu susah, padahal henteu boga salah atawa henteu milu ulubiung kana perkarana.
- Kalapa bijil ti cungap hartina nyaeta nyaritakeun rusiah sorangan anu matak cilaka.
- Lodong kosong ngelentrung hartina nyaeta kalah ka loba omong tapi euweuh pangartina, jalma anu loba ngomong tapi pangartina kosong.
- Marebutkeun paisan kosong hartina nyaeta marebutkeun hiji perkara anu henteu aya hasilna atawa mangpaatna.
- Moro julang ngaleupaskeun peusing hartina nyaeta pagawean anu geus puguh ditinggalkeun, pagawean nu can puguh malahan diudag-udag.
Pelajari lebih lanjut
- Patalina pakeman basa jeung kahirupan sapopoe https://brainly.co.id/tugas/8175337
- Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
- Bedana paribasa jeung babasan https://brainly.co.id/tugas/12436631
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3
Kata Kunci : Hartina aya cukang komo meuntas