maksud banda talang raga
B. Daerah
bayu1220
Pertanyaan
maksud banda talang raga
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Kelas : IX (3 SMP)
Pembahasan :
Kalimah anu leuwih tepat nyaeta "banda tatalang raga". Eta kalimah teh mangrupa paribasa anu hartina nyaeta "leuwih hade ngaluarkeun harta ti batan kudu cilaka awak". Paribasa teh mangrupa salahsahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh jeung harti anu geus maneuh oge.
Conto pakeman basa lianna, salian ti paribasa, nyaeta babasan, gaya basa, cacandran, pamali jeung kila-kila. Dina hiji paribasa aya harti konotatif (harti kiasan) jeung harti denotatif (harti saujratna). Eta harti di luhur teh mangrupa harti konotatif. Sedengkeun harti denotatif tina paribasa nyaeta "harta gaganti awak".